Pupuh Maskumambang
Lalakon jaman ayeuna meuni getir
Lantaran korona
Dua tahun katingali
Riweuhna kalunta-lunta
Para nakes digawena beurang peuting
Estu kasusahan
Sadaya dipaksa nyaring
Sabab loba anu kaserang
Alloh gusti anu agung
Abdi ngaku seueur dosa
Nyapirakeun na ibadah
Nyababkeun aya korona
Aduh gusti abdi tobat
Tina dosa nu ti heula
Margi abdi heuteu kiat
Nandangan kana cocoba

























