Monday, May 27, 2024

Lirik Pupuh Magatru

            Manuk beusi hiberna ngapung kaluhur

Jangjangna panjang ka sisi

Mawa jalma ratus ratus

Nyorang Sakabeh nagari

Boh KTP boh nu paspor

Tandak :

Hiberna diawang-awang

Turuna bari ngalayang

Bawana saloba-loba

Eurena nya di bandara

 

Oray wesi eureuna di statsiun

Lamun maju geus maranti

Hulu ganti jadi buntut

Lamun arek balik deui

Boh ka wetan boh ka kulon

Tandak :

Awakna loba lawangan

Jerona loba jalmaan

Buntutna sapanjang jalan

Jalanna ngembat manjangan

 

Kuda beusi ayeuna sering ngalangkung

Neangan jalma nu indit

Nganteurkeun ihtiar dulur

Usaha neang rejeki

Rek ka kebon rek ka kantor

Tandak :

Roda na ngan ukur dua

Numpakna kudu nyekelan

Lumpatna kabina-bina

Nepina nya tereh pisan

 

Karya : Haris Cempaka, S.Pd

No comments:

Post a Comment